MATERI SAJAK SUNDA Show Assalamualaikum wr wbSiswa-siswi yang Bapak banggakan, terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini. Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi rangkuman materi pelajaran bahasa Sunda untuk keperluan pembelajaran daring di Sekolah kita. Dikemas dalam bentuk media audio-visual, agar memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, serta memberikan pengalaman belajar yang baru di abad 21. Tidak hanya blog saja, bahasasunda.id mempunyai Youtube Channel, berisi video-video dokumentasi, hasil karya siswa-siswi di sekolah kita, dan video edukasi pembelajaran bahasa Sunda yang akan Bapak sampaikan setiap pertemuan di kelas. Supaya tidak ketinggalan kalian bisa kunjungi Youtube Channel dengan cara klik link di bawah ini. www.youtube.com/c/bahasasundaidGemanakarnale Jika ada pertanyaan seputar MATERI SAJAK SUNDA yang kurang dipahami, kalian bisa memberikan komentar, silahkan jangan ragu untuk mengisi di kolom komentar atau bisa menghubungi Bapak melalui Whatsapp. Semoga dengan adanya blog ini bisa membantu pembelajaran daring di sekolah kita supaya lebih efektif dan memberikan banyak manfaat bagi kalian semua.
MATERI SAJAK SUNDA1. PERKARA SAJAKNaon ari puisi? Dina sastra Indonésia, nu disebut puisi téh sarua hartina jeung sajak dina sastra Sunda. Ari dina sastra Sunda, puisi téh hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra, kaasup sajak, mangrupa bagian tina puisi. Leuwih jelasna, nu dimaksud puisi dina sastra Sunda nyaéta wanda karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa. Puisi Sunda téh réa rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya anu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya anu ngawujud carita, naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita rupa-rupa puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampé, asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan), kakawihan (barudak), sa’ir (pupujian), pupuh (dangding, guguritan). Ari anu kaasup puisi anyar nyaéta sajak.Sajak nyaéta salasahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). Sanajan ditulis dina wangun ugeran, tétéla sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran.Dumasar kana asal-usulna, sajak téh mangrupa karya sampeuran anu jolna tina sastra deungeun, nyaéta pangaruh tina sastra Éropa. Éta karya téh asup tur jadi banda sastra Sunda ti mimiti kira-kira taun 1946, nyaéta nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngaréka basa dina wangun sajak. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaéta Kis WS. Sabada ditaratas ku Kis WS, sajak Sunda terus mekar nepi ka kiwari. Lian ti réa sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa Sunda, saperti Manglé, Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda, ogé réa karya anu geus dibukukeun mangrupa antologi. Sababaraha judul buku kumpulan sajak Sunda jeung pangarangna, di antarana: Lalaki di Tegal Pati karya Sayudi (1963), Janté Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Tepung di Bandung karya Rahmat M. Sas. Karana, Wasiat Konglomérat karya Taufik Faturohman, Lalaki Langit karya Juniarso Ridwan Jagat Alit karya Godi Suwarna, Maung Bayangan karya Etti R.S., Jamparing Hariring karya Dédy Windyagiri, Aya Naon di Cinaon karya Wahyu Wibisana, Kidang Kawisaya karya Rétty Isnéndés, Katiga karangan Yayat Hendayana (1957), Gondwa karangan Etty RS (1987), Jiwalupat karangan Godi Suwarna (2007), jeung réa-réa deui. 2. UNSUR-UNSUR SAJAKSajak téh mangrupa ungkara pikiran, rasa, jeung gagasan pangarang, nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan Eta pasualan téh asalna bisa tina kanyataan kahirupan sapopoé, bisa ogé ukur réka cipta pangarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna dijanggelékkeun dina wangun rakitan basa anu éndah. Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara konotatif (kiasan). Ku kituna sajak mah aya kalana hésé dipikahartina, lantaran ari ungkara konotatif mah loba silib jeung siloka. Beda jeung harti dénotatif anu ngungkabkeun harti sajalantrahna. Tapi najan kitu, tetep we unggal sajak mibanda ma’na jeung amanat keur nu macana. Ku kituna, tangtu baé sajak teh mibanda unsur-unsur pangwangun anu ngadeudeul kana jenglengan rumpakana téa. Eta unsur-unsur téh di antarana: Nu dimaksud adegan lahir téh nyaéta unsur fisik sajak di sawang tina wangunna. Nu kaasup kana adegan lahir sajak, di antarana:1) Wangun Sajak (Tipografi)Sajak téh ditulisna béda-béda, upamana waé aya nu sapada, dua pada, jeung saterusna. Tina sapadana gé teu matok siga sisindiran atawa pupuhu, bébas kumaha panyajakna. Lian ti éta, naha huruf-hurufna maké aksara leutik atawa gede (kapital), ieu gé mangaruhan kana wanguna sajak.2) Pilihan Kecap (Diksi)Sajak nu alus téh gumantung kana kecap-kecap anu dipaké ku panyajakna. Biasana sok kapanggih kecap-kecap anu geus langka dipake (arhaik), tuluy dipaké nuliskeun sajak Upamana waé, kecap asih diganti jadi kecap duriat, atawa kecap sedih diganti jadi kecap tunggara.3) Citraan (Imaji)Citraan atawa imaji téh nyaéta pangaruh kecap ka nu maca sajak. Biasana mah aya patalina jeung naon anu karasa, katempo, jeung kadéngé ku nu maca tina kecap-kecap anu aya dina sajak. Citraan dina sajak sifatna bisa citraan swara (auditif), citraan panempo (visual), jeung citraan pangragap (taktil). Sajak nu alus téh taya lian sajak anu bisa ngabalukarkeun nu macana téh milu ngarasakeun kana naon anu ditepikeun dina éta sajak.4) Gaya Basa (FiguratiGaya basa dina sajak téh bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif. Gaya basa dina sajak bisa nimbulkeun harti nu beunghar kana eusi sajak. Sajak téh jadi psimatis, hartina bisa mibanda harti anu mundel, jero, tur loba. Dina basa Sunda aya sawatara gaya basa, upamana mijalna, ngasor, kadalon, rarahulan, jsté.5) PurwakantiPurwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah. Nilik kana perenahna, purwakanti téh bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Ku lantaran kitu, purwakanti téh aya nu ngajajar (purwakanti rantayan), anu ngaruntuy purwakanti runtuyan), atawa gabungan boh rantayan boh runtuyan Titénan deui rumpaka kawih ieu di handap! Hejo pagunungan paul lautanTaya kamarasan ngan katugenahanHejo pagumungan paul lautan Taya katengtrenan ngan ancaman Sajak di luhur téh jumlahna sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina sajak di luhur, aya sora-sora anu sarua di unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung kadua, nu sarua téh sora [a]. Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua téh sora [i]. Sora-sora nu sarua dina sajak kitu téh disebutna purwakanti. Cindekna nu disebut purwakanti téh nyaéta padeukeutna atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah. Nilik perenahna, purwakanti téh aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina sapadalisan disebut purwakanti rantayan, Contona sajak di luhur. Ari sarua atawa padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya ditungtung ungkara padalisan mah disebutna purwakanti runtuyan. b. Adegan BatinAdegan batin sajak mah teu katémbong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirarasakeun. Carana bisa dibaca sababaraha balikan atawa disungsi kumaha eusi atawa maksudna.1) Jejer (sense)Jejer téh poko pikiran anu aya dina sajak. Jejer atawa téma téh gagasan poko anu rék ditepikeun ku panyajak ka nu maca. Téma dina sajak rupa-rupa, aya téma kaagamaan, kamanusaan, cinta ka lemah cai, jsté. Upamana waé sajak “Tanah Sunda” di luhur téh nyaritakeun kaayaan tanah Sunda anu keur harénghéng. Jadi bisa dicindekkeun témana téh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan).2) Rasa (feeling)Rasa téh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana téh digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero haté. Sajak “Tanah Sunda” upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero haté. Sabalikna baris kapanggih tur karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokkeun atawa digalantangkeun3) Wirahma (tone) Nada téh sikep panyajak ka nu maca. Tina sikep panyajak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca. Geura tiétnan pada sempalan sajak “Tanah Sunda” ieu di handap: Héjo pagunungan paul lautanTaya kamarasan ngan katugenahanHéjo pagunungan paul lautan Taya katengtreman ngan ancaman Dumasar pada sajak di luhut, katangén sikep panyajak téh hayang ngabejaan ka nu maca yén najan tanah Sunda éndah, tapi tetep henteu tengtrem tur loba ancaman Tina sikep éta turang salaku nu maca bisa ngarasa keueung jeung manghanjakalkeun ku kaayaan kitu.4) Amanat (intention) Amanat téh pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak. Tapi najan kitu, amanat dina hiji sajak ditangtukeunana téh gumantung nu maca. Hartina urang dibéré kabébasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji sajak. a. Sajak ÉpikSajak épik téh sajak anu sifatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun. Ku lantaran kitu, sajak épik mah biasana panjang. Ku lantaran sifatna ngalalakon, dina sajak épik mah bakal kanyahoan saha tokohna, naon ketakna, jeung kumaha pamustunganana. Sangkan meunang gambaran, ieu di handap aya sajak épik nu judulna “Janté Arkidam” karya Ajip Rosidi. Janté Arkidam téh salasaurang tokoh jawara anu beunghar ku rupa-rupa ajian jeung kasaktian. Janté ArkidamKarya: Ajip RosidiPanonna beureum siki sagaLengeunna seukeut lalancip gobangNiplasan badan palapah gedangArkidam, Janté ArkidamDi pangaduan di kalangan ronggengNgan hiji jagoanArkidam, Janté ArkidamTi peuting angkeub ku mendungJanté raja alam peteng Matek aji panarawanganManjing ka liang sasoroting sinarJaruji beusi pak gadé milang ku ramonaNgagisik hayang sidikJanté mencrong mantri pulisi:“Ki Mantri, tindakan andika léléwa bikang ngabokong jalma keur tibra!”Arkidam ditalikung leungeun duaSorot matana ngentab seuneuanSamemeh beak poe kahijiJante minggat nitih cahyaKalauar ti panjaraSamemeh cuntuk peuting kahijiMantri pulisi nyungseb di dasar walungan Teu nyawaan b. Sajak Lirik Do’a(haturan Pa Oto Iskandar Di Nata)Karya: Apip Mustopajungjunanpangnangkeupkeun éta nyawanu indit taya nu nanyataya tapakna di dunyaanginpangusikkeun sapangeusi buanayén aya sinatria nu perlayadi wewengkon langit Sundabulanbaturan éta nyawa nu ditundungdi tempat baktina taya nu daék ngajungjunghé panonpoégeura awurkeun panas nu ngaduruk sagalasangkan ieu dadasakumna nyawa Sundanyaho boga pahlawan digjaya Tutugan Gunung Agung 21 Juni 1958 Dina sajak sok kapanggih aya kecap-kecap konotatif (kiasan). Ari harti konotatif téh nyaéta harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang séjén. Upamana waé kecap dicangcang dina kalimah (1) jeung (2), najan kecapna sarua tapi mibanda harti anu béda. Kecap dicangcang dina kalimah (1), maksudna téh geus tunangan atawa geus aya mu nanyaan/neundetan omong Sabalikna, ari kecap dicangcang dina kalimah (2) mah mibanda harti sabenerna, nalian beuheung domba kana tangkal. Harti sabenerna atawa saujratna disebut harti dénotatif (saujratna). Ari harti dénotatif téh harti anu langsung nuduhkeun barang nu dimaksudna. Sangkan hidep leuwih paham perkara harti konotatif jeung dénotatif, titénan kalimah ieu di handap!
MATERI SAJAK SUNDALATIHAN
5. NGADEKLAMASIKEUN SAJAKMaca sajak jeung déklamasi sajak téh aya bédana. Dina maca sajak, sajak dipidangkeun ku cara dibaca tur maké téks. Ari dina déklamasi, sajak dipidangkeun ku cara ditalar tanpa maké téks. Déklamasi ilaharna dibarengan ku pasang peta, gerak, jsté. BandungKarya: Eddy D. IskandarMun seug nataan jalanDipati Ukur Sulanjana RanggamalélaWastukancana Siliwangi Pajajaranloba kénéh ngaran-ngaran karuhunnu kalindih ku nu lianMun seug nataan papan reklameChina Town Pizza Hut SukiyakiMcDonald Kentucky Hoka Hoka Bentongaran urang mah nyalingkir ka pipir-pipirMun seug nataan pangulinan taya tegal nu legataya alun-alun nu liuhtaya Cikapundung nu canémbrang hérangtaya jalan titincakanNu daratang sungkan mulangpribumi milih ka sisigeus sirna ciri nu matrisawarga di tatar sundahejo lembok ngarangrangannapsu ngaberung na jungkiring padumukanenya gé aya nu mitineung lemburngan ukur lembur cicirénNyawang ka hareupnaha aya kénéh tatapakanmun ngawujud jadi megacity?Bandung 2004 Dicutat tina buku kumpulan sajak Surat keur Bandung (2006) kaca 24. 6. PARAFRASE SAJAKParafrase sok disebut parafrasa, nyaéta ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun séjén. Upamana waé, sajak dicaritakeun deui kana wangun basa lancaran (prosa). Maksudna nyusun parafrase, sangkan leuwih paham kana naon maksud atawa harti anu dikandung tina hiji téks, Aya sawatara padika dina nyusun parafrase sajak, di antarana waé: a. Maca atawa ngaregepkeun anu maca sajak kalayan gemet;b. Catetkeun kekecapan anu dianggap hésé, geus kitu paluruh harti jeung sinonimna;c. Tulisakeun deui sajak anu dibaca atawa diregepkeun maké basa sorangan d. Tepikeun deui hasil parafrase téh ku cara dibacakeun dihareupeun babaturan. Dumasar kana carana, parafrase téh aya dua rupa, nyaéta: 1 Parafrase kauger, nyaéta ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepi ka sajak téh kaharti eusi atawa maksudna. Sangkan leuwih jéntré, titénan parafrase kauger kana sajak nu judulna “Bandung” karya Eddy D. Iskandar ieu di handap. Sajak anu diparafrasekeun henteu kabéh, ngan dua pada. Dina parafrase, titénan kecap-kecap beunang nambahan anu nuliskeunana didéngdékeun. BandungKarya: Eddy D. IskandarMun seug nataan jalanDipati Ukur Sulanjana RanggamalélaWastukancana Siliwangi Pajajaranloba kénéh ngaran-ngaran karuhunnu kalindih ku nu lianMun seug nataan papan reklameChina Town Pizza Hut SukiyakiMcDonald Kentucky Hoka Hoka Bentongaran urang mah nyalingkir ka pipir-pipir Conto hasil parafrase kauger:BandungKarya: Éddy D. IskandarMun seug urang rék nataan jalan di Bandung, bakal manggihan jalan Dipati Ukur, Sulanjana, Ranggamaléla, Wastukancana, Siliwangi, Pajajaran, jeung loba kénéh jalan séjénna anu maké ngaran-ngaran karuhun nu kalindih ku ngaran-ngaran anyar jalan nu lian. Kitu deui mun seug nataan papan réklameu, urang bakal nempo atawa maca aya China Town, Pizza Hut, Sukiyaki, McDonald, Kentucky, jeung Hoka Hoka Bento. Ngaran-ngaran résklamae anu make basa Sunda atawa makes ngaran urang mah nyalingkir kapipir-pipir, kaéléhkeun ku ngaran tina basa Asing. 2 Parafrase bébas, nyaéta ngarobah sajak kana basa lancaran maké kekecapan sorangan. Kecap-kecap anu aya dina sa jak aslina bisa dipaké bisa ogé henteu. Nu penting naon anu dicaritakeun henteu kaluar tina harti atawa maksud sajak nu aslina. Titénan cara nyusun parafrase bébas ieu di handap. Sajak “Bandung” karya Éddy D. Iskandar téh eusina nyaritakeun ngeunaan kayaan dayeuh Bandung jaman ayeuna. Loba ngaran-ngaran jalan anu maké ngaran karuhun Sunda, saperti Dipati Ukur, Sulanjana, Ranggamaléla, Wastukancana, Siliwangi, jeung Pajajaran, ayeuna kaéléhkeun pamorna ku ngaran-ngaran jalan anyar. Kitu deui, toko-toko atawa restoran anu maké ngaran Sunda, ayeuna mah geus kaéléhkeun ku toko-toko atawa réstoran anu maké ngaran tina basa asing, kayaning China Town, Pizza Hut, Sukiyaki, McDonald, Kentucky, jeung Hoka Hoka Bento. 7. DRAMATISASI SASTRADina sastra Sunda dramatisasi sastra téh kaasup barang anyar. Gelarna kakara dina taun 1970-an minangka pangaruh tina sastra deungeun. Wangun operét anu geus lila hirup dina sastra deungeun tuluy hirup dina sastra Indonésia, disebutna dramatisasi, anu harita mimiti dipopulérkeun ku Remy Sylado Spk. Jeung kelompok téater STB di Bandung. Ti dinya bisa jadi asal-mulana ieu wangun pagelaran, tuluy tatalépa sarta hirup dina sastra Sunda. Dina pertengahan taun 1970-an Yus Rusyana Spk. ánu ngadegkeun Liga Drama Bumi Siliwangi di kampus IKIP, milu mopulérkeun wangun dramatisasi. Harita kungsi dpagelarkeun “Wangsit Siliwangi” (Wahyu Wibisana), “Ngadagoan Si Jabang” (Yus Rusyana), jsb. Ti harita pagelaran dramatisasi teu kadéngé deui. Kakara aya deui dina taun 1992,anu dipagelarkeun ku Godi Suwarna dina Pesta Sastra Sunda taun harita.Sawaréh deui mah nyebutna pagelaran sastra. Ari maksudna mah éta-éta kénéh, nyaéta karya sastra anu dipagelarkeun. Naon atuh bédana jeung drama, purna drama, drama swara atawa gending karesmén?Tangtu matak saru ieu istilah téh kawantu sadapuran. Ngarah aya gambaran, urang téang heula babandinganana. Ti béh ditu kénéh dina sastra Sunda saenyana aya pagelaran anu ngaharib-harib kana dramatisasi téh nyaéta beluk (wawacan anu ditembangkeun). Bédana, dina beluk mah naskah anu dibaca ku juru ilo téh ukur ditembangkeun diaeu-aeu ku nu lianna, ari dina dramatisasi, naskah anu dibaca ku dalang (narator) téh tuluy dibarung ku peta atawa rigig para pamaén. Dina dramatisasi aya narator ti awal tug nepi ka pungkasan carita. Para pamaén nu ngarigig di panggung museur kana carita nu dibacakeun ku narator.Wangun nu méh sarua jeung dramatisasi nyaéta purna drama, ngan leuwih panjang sarta salian ti unsur sastra jeung drama, dina purna drama mah diutamakeun unsur seni anu séjénna, nyaéta seni swara jeung seni tari. Béda deui jeung drama swara, nyaéta pagelaran drama anu pagunemanana dihaleuangkeun, méh sarua jeung gending karesmen ngan leuwih pondokDina taun 1992 dipagelarkeun dramatisasi “Jante Arkidam” (sajak Ajip Rosidi) ku Godi Suwarna. Ti harita mah wangun pagelaran dramatisasi téh beuki dipikawanoh ku balaréa, pangpangna sanggeus Asep Supriatna anu mingpin Teater 7 Damar mindeng nyieun pagelaran dramatisasi. Karya-karya anu kungsi dipagelarkeunana, di antarana waé: Angin Jalan jalan, Eyang Putri Ronggéngsari (carpon Aam Amilia), Walang Peteng (carpon Taufik Faturohman), Bagus Rangin (sajak Ajip Rosidi), Buah Limus Murag ku Angin (carpon Karna Yudibrata), Gusti! Gusti (carpon Godi Suwarna), Lemahcai Kulup (carpon Hadi AKS). Geus Surup Bulan Purnama (carpon Yous Hamdan). Karya-karya anu dijieun pagelaran dramatisasi téh umumna karya-karya anu geus dimuat dina majalan, koran, atawa buku. tegesna geus kabaca ku balaréa. Nalika éta karya direka jadi naskah dramatisasi, ilaharna sok diraéh deui sarta diémbohan ku wangun séjén, upamana baé, naskah sajak diémbohan ku kawih atawa tembang, naskah carpon diémbohan ku sajak tembang, atawa pupujian, jsb. Ku cara kitu, hiji karya anu diangkat kana wangun dramatisasi sok mér tafsir anu béda, umumna suasana caritana jadi leuwih anteb lantaran geus dipasieup deui téa (Ahmad Hadi, 2004:47-48). 8. MUSIKALISASI SAJAKIstilah “musikalisasi” asalna tina kecap musik, nyaéta nada atawa sora anu disusun kalawan ngéntép seureuh nepi ka ngandung wirahma, lagu, jeung kaharmoisan, pangpangna nu maké alat-alat nu bisa ngahasilkeun éta sora. Musikalisasi hartina hal ngajadikeun sipatna musik (Moeliono Spk., 1988:602).Musikalisasi puisi atawa sajak umumna kagiatan midangkeun puisi atawa sajak jadi rumpaka lagu kalawan dibarengan ku musik. Palebah dieu, sajak téh dirobah jadi rumpaka lagu tur dibarengan ku musik. Aya deui nu boga pamadegan yén musikalisasi puisi téh nyaéta midangkeun puisi (maca sajak atawa déklamasi) anu dibarengan ku latar musik. Dina konsép nu ieu mah, sajak tetep jadi sajak henteu jadi rumpaka lagu. SUMBER & REFERENSIDirangkum dari beberapa buku:Sudaryat, Yayat. Spk. 2017. Panggelar Basa Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas X. Bandung : ErlanggaHéndrayana, Dian. 2016. Rancagé Diajar Basa Sunda (Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas X). Bandung: Pustaka Jaya. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2015. Pamekar Diajar Basa Sunda: pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas X. Bandung : Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Tentu saja blog ini masih jauh dari kata sempurna, masih banyak kesalahan dan kekurangan, maka dari itu jika diantara kalian mempunyai kritik dan saran yang ingin disampaikan, dipersilahkan untuk mengisi kolom komentar atau menghubungi Bapak. Kedepannya blog ini akan dievaluasi secara berkala sehingga bisa memberikan pelayanan yang terbaik bagi kalian semua siswa-siswi yang bapak sayangi. Jika ada karya dari penulis yang dimuat di blog ini, dan tidak berkenan untuk dipakai sebagai bahan ajar, silahkan bisa menghubungi Bapak untuk kemudian melakukan tindakan yang diperlukan, jika ada indikasi pelanggaran konten, anatara lain bapak akan melakukan tindakan dengan cara menghapus konten tersebut. Bagaimana??? Penjelasan mengenai materi di atas dapat dipahami dengan baik??? jika masih belum paham, kalian bisa memberikan pertanyaan dengan mengisi komentar di bawah atau bisa juga mengunjungi postingan mengenai MATERI SAJAK SUNDA lainnya atau langsung cari saja keyword materi yang kalian cari di bawah ini: Jangan lupa untuk bergabung dalam group belajar bahasa Sunda husus siswa, dengan klik link di bawah ini: Jika blog ini bisa memberikan banyak manfaat, berikan dukungan dengan cara like, comment, dan share ke teman-teman kelas kalian. Mari kita sama-sama bangun blog ini supaya bisa lebih berkembang lagi dan memberikan banyak ilmu yang bermanfaat bagi kalian semua.
Perhatian! materi ini diterjemahkan oleh mesin penterjemah google translate tanpa adanya post editting, sehingga ketepatan dalam terjemahan masih buruk dan perlu dikembangkan lagi.Tujuan dari fitur terjemahan ini untuk pengunjunga yang kesulitan memahami materi dan tidak sama sekali mengerti bahasa Sunda atau teman-teman pelajar dari luar Jawa Barat yang sedang belajar bahasa Sunda, fitur terjemahan ini bisa digunakan namun tidak 100% akurat, akan tetapi garis besarnya bisa diambil, daripada tidak mengerti samasekali. Kedepanya mudah-mudahan admin punya waktu sehingga bisa mengoptimalkan fitur terjemahannya sendiri, dengan begitu pengunjung bisa mempelajari materi dalam bahasa Indonesia. MATERI SAJAK SUNDA
Apakah puisi itu? Dalam sastra Indonesia, yang disebut puisi memiliki arti yang sama dengan puisi dalam sastra. Saat ini dalam sastra R, puisi memiliki arti yang sangat luas, mencakup beberapa jenis karya sastra, termasuk puisi, sebagai bagian dari puisi. Lebih spesifiknya, makna puisi dalam sastra R adalah bentuk karangan yang komposisinya biasanya tidak sarat irama, kauger demi bentuk, dan diksina; tidak dalam cara memvonis kejahatan dalam bahasa sehari-hari atau dalam bentuk prosa. Puisi R itu banyak jenisnya, ada yang termasuk puisi lama (buhun, tradisional) dan ada yang termasuk puisi baru. Ada puisi-puisi kuno yang berbentuk cerita, narasi (cerita puisi, pidato). Ada yang tidak membentuk cerita berbagai puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampe, asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan), kakawihan (barudak), sa’ir (pupujian), pupuh (dangding, guguritan) . Hari yang memasukkan puisi baru adalah puisi. Sajak merupakan salah satu karya sastra Sunda yang didesain dalam bentuk bahasa ugeran (puisi). Meski ditulis dalam bentuk puisi, ternyata puisi saya tidak terpengaruh oleh kriteria jumlah cincin di setiap padalisan dan jumlah padalisan di masing-masing seperti pada pupuh atau sisindiran. Berdasarkan asalnya, puisi merupakan karya sempurna yang berasal dari sastra asing, merupakan pengaruh sastra Eropa. Karya itu terus berjalan dan menjadi band sastra sejak awal sekitar tahun 1946, saat itulah para pengarang, terutama pengarang muda mulai tertarik dan menikmati bahasa dalam bentuk puisi. Penulis yang mempelopori judul puisi tersebut adalah Kis WS. Sabada didahului oleh Kis WS, puisi R terus berkembang hingga saat ini. Terlepas dari banyaknya puisi yang dimuat di majalah dan surat kabar Sunda, seperti Manglé, Cupumanik, Galura, dan Koran Sunda, banyak juga karya yang telah diterbitkan sebagai antologi. Beberapa judul kumpulan puisi Sunda beserta pengarangnya antara lain: Lalaki di Tegal Pati karya Sayudi (1963), Janté Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Tepung di Bandung karya Rahmat M. Sas. Karana, Wasiat Konglomérat oleh Taufik Faturohman, Lalaki Langit oleh Juniarso Ridwan Jagat Alit oleh Godi Suwarna, Maung Bayangan oleh Etti RS, Jamparing Hariring oleh Dédy Windyagiri, Aya Naon di Cinaon oleh Wahyu Wibisana, Kidang Kawisaya oleh Rétty Hendayana Isnéndés, Ketiga ( 1957), Gondwa oleh Etty RS (1987), Jiwalupat oleh Godi Suwarna (2007), dan masih banyak lagi. 2 Elemen Puisi Puisi adalah kejahatan pikiran, perasaan, dan gagasan pengarang, yang diungkapkan untuk menggambarkan suatu kasus. Biasanya puisi saya ditulis dalam bentuk kejahatan konotatif (kiasan). Jadi puisi-puisi saya kadang sulit untuk dipahami, karena konotatif kejahatan saya banyak siloka dan siloka. Ini berbeda dengan makna denotatif yang mengungkap makna alam semesta. Namun meski begitu, kita tetap masing-masing puisi memiliki makna dan amanat bagi pembacanya. Jadi, puisi memiliki unsur-unsur konstruktif yang berkontribusi pada struktur puisi. Unsur-unsur tersebut di antaranya: Sebuah. Adegan Kelahiran 1) Bentuk Puisi (Tipografi) 2) Opsi Kata (Diksi) 3) Citra (Gambar) 4) Gaya Bahasa (Figurati 5) Purwakanti Lihat beberapa kutipan di bawah ini! Pegunungan hijau samudra paulTidak ada gunanya memberitahumu sekarang – Aku tidak ingin merusak kejutan ituLaut paul hijau Tidak ada keamanan yang hanya merupakan ancaman Puisi di atas merupakan hasil penjumlahan dari sapada (ayat). Setara terdiri dari empat padalisan (baris). Dalam syair di atas, ada bunyi yang sama di setiap padalisan. Pada kata ganti pertama dan kedua, bunyi [a] sama. Pada kata ganti ketiga dan keempat, bunyi [i] sama. Suara yang sama dalam puisi semacam itu disebut arketipe. Pastikan yang disebut arketipe adalah suara yang berdekatan atau setara dengan kata dalam kalimat kejahatan. Dilihat kebohongannya, arketipe itu ada dua. Kombinasi atau bunyi konsonan dari sebuah kata yang berbaris di sebelah suku kata disebut anteseden berantai, misalnya puisi di atas. Bunyi yang sama atau berdekatan dari kata yang turun dan biasanya berakhir di akhir padalisan disebut awal deret b. Adegan Batin Adegan batin puisi saya tidak dilihat secara langsung, tetapi harus dipahami atau dirasakan. Cara itu bisa dibaca berkali-kali atau dibedah bagaimana isi atau maknanya. 1) Topik (pengertian) 2) Rasa (perasaan) 3) Wirahma (nada) Pegunungan hijau samudra paulTidak ada gunanya memberitahumu sekarang – Aku tidak ingin merusak kejutan ituPegunungan hijau samudra paul Tidak ada perdamaian yang hanya merupakan ancaman Berdasarkan syair di atas, sikap penyair yang benar adalah ingin memberitahu pembaca bahwa meskipun tanahnya indah, namun tetap tidak damai dan banyak ancaman. Sikapnya bergolak karena pembaca dapat merasa terhina dan sedih oleh situasi. 4) Amanat (niat) .
Sebuah. Puisi Epik Untuk mendapatkan gambaran, di bawah ini adalah puisi epik berjudul “Be the Arkidam” karya Ajip Rosidi. Be Arkidam merupakan sosok juara yang kaya akan berbagai kemampuan dan kekuatan. Jadilah Arkidam Matanya adalah biji saga merahTangan gobang tajamnya yang tajamNiplasan badan palapah millet Arkidam, Jadilah Arkidam Di aduan di kalangan ronggengHanya seorang juara Arkidam, Jadilah Arkidam Dari malam tertutup awanJadilah raja dunia gelap Matek aji panarawanganPergi ke sorotan Batang besi Pak Gadé dipatahkan oleh Ramona Menggosok ingin membekasMenjadi perawat polisi: “Ki Mantri, aksi andika betina merayu orang demi tibra!” Arkidam melipat tangannyaSorot matanya untuk terbakarSebelum paruh hari pertamaJante lolos dengan mengendarai lampu Keluar dari penjara Sebelum malam pertamaPerawat polisi menangkapnya di dasar sungai Tidak hidup b. Lirik Puisi Doa(terima kasih kepada Pa Oto Iskandar Di Nata) Karya: Apip Mustopa Tuanrangkul hidup ituyang luput dari perhatian tidak ada jejak kaki di dunia anginbergerak melintasi benuabahwa ada sinatria pelautdi area langitbulanOrang itu adalah jiwa yang menopang di tempat devosi tidak ada yang mau dikunjungi hai mataharisegera lepaskan panas yang membakarjadi ini petinyaseluruh jiwa tahu memiliki pahlawan yang menang Tutugan Gunung Agung 21 Juni 1958
Dalam puisi selalu ditemukan kata-kata konotatif (kiasan). Makna konotatif Ari adalah makna yang tidak langsung merujuk pada barang yang bersangkutan, tetapi mengandung rasa atau tafsir terhadap barang lain. Misalkan sebuah kata disingkat dalam kalimat (1) dan (2), walaupun kata-katanya sama tetapi memiliki arti yang berbeda. Kata terpotong pada kalimat (1), artinya Anda sedang bertunangan atau telah diminta / terus berbicara. Makna sebenarnya atau umum disebut makna denotatif. Arti denotatif Ari adalah arti yang langsung mengacu pada barang yang dimaksud.
Untuk lebih memahami arti konotatif dan denotatif, lihat kalimat di bawah ini!
Pembacaan puisi dan pembacaan puisi tidak berbeda. Dalam membaca puisi, puisi disajikan dengan membaca dan menggunakan teks. Saat ini dalam pengajian, puisi disajikan dengan cara yang ditransmisikan tanpa menggunakan teks. Deklamasi biasanya disertai dengan peta, gerak, dll. duo Jika jalan sudah beraspalDipati Ukur Sulanjana RanggamalélaWastukancana Siliwangi Pajajaranbanyak yang masih nama leluhur yang dibayangi oleh orang lain Jika Anda memiliki papan reklameChina Town Pizza Hut SukiyakiMcDonald Kentucky Hoka Hoka Bento Nama saya jangan bingung Jika Anda berlatih, tidak ada bidang yang luastidak ada kotak adalah liuhtidak ada Cikapundung yang mengilap tidak ada jalan untuk diikuti Para pendatang baru enggan untuk kembalipenduduk asli memilih ke samping telah menghilangkan karakteristik matriks surga di tatarlembok hijau ngarangrangannafsu makan membengkak dan menjungkirbalikkan pemukimanya akan ada meditasi lembur hanya penurunan lembur Melihat ke depanapakah masih ada langkah kaki berkembang menjadi kota besar? Bandung 2004 Dikutip dari kumpulan puisi Surat ke Bandung (2006) halaman 24. Parafrase terkadang disebut parafrase, yaitu mengubah bentuk esai atau menceritakan kembali isi esai ke dalam bentuk lain. Misalnya puisi diceritakan kembali dalam bentuk bahasa yang fasih (prosa). Yaitu menyusun parafrase, untuk lebih memahami apa arti atau makna yang terkandung dalam suatu teks, Ada beberapa metode dalam menyusun parafrase puisi, antara lain: Sebuah. Baca atau harapkan pembaca membaca puisi itu dengan gentar;b. Perhatikan bahwa kata-kata yang dianggap sulit, telah dicari artinya dan sinonimnya;c. Tulis ulang puisi yang Anda baca atau nikmati menggunakan bahasa Anda sendiri d. Mengungkap hasil parafrase adalah dengan membacanya di depan teman. Berdasarkan metodenya, parafrase ada dua macam, yaitu:
duo Jika jalan sudah beraspalDipati Ukur Sulanjana RanggamalélaWastukancana Siliwangi Pajajaranbanyak yang masih nama leluhur yang dibayangi oleh orang lain Jika Anda memiliki papan reklameChina Town Pizza Hut SukiyakiMcDonald Kentucky Hoka Hoka BentoNama saya jangan bingung Contoh hasil parafrase kauger: duo Jika Anda ingin mengaspal jalan di Bandung, Anda akan menemukan jalan Dipati Ukur, Sulanjana, Ranggamaléla, Wastukancana, Siliwangi, Pajajaran, dan masih banyak lagi jalan lain yang menggunakan nama nenek moyang yang bingung dengan nama jalan baru lainnya. Jadi sekali lagi jika Anda memasang billboard, kita akan melihat atau membaca di sana China Town, Pizza Hut
Puisi “Bandung” karya Eddy D. Iskandar berkisah tentang keadaan kota Bandung saat ini. Banyak nama jalan yang menggunakan nama nenek moyang orang Sunda, seperti Dipati Ukur, Sulanjana, Ranggamaléla, Wastukancana, Siliwangi, dan Pajajaran, kini kehilangan pamornya dengan nama jalan baru. Sama halnya dengan toko atau restoran yang menggunakan nama R, kini saya telah terkalahkan oleh toko atau restoran yang menggunakan nama dari bahasa asing, seperti China Town, Pizza Hut, Sukiyaki, McDonald, Kentucky, dan Hoka Hoka Bento. Dalam sastra R dramatisasi sastra termasuk hal baru. Gelar itu baru pada tahun 1970-an sebagai pengaruh sastra asing. Bentuk operet yang sudah lama hidup dalam sastra asing dan kemudian hidup dalam sastra Indonesia disebut dramatisasi yang dipopulerkan pertama kali oleh Remy Sylado Spk. Dan grup teater STB di Bandung. Dari sanalah asal mula bentuk pertunjukan ini, kemudian bimbingan dan kehidupan dalam sastra. Pada pertengahan tahun 1970-an Yus Rusyana Spk. Pendiri Liga Drama Bumi Siliwangi di kampus IKIP, turut mempopulerkan bentuk dramatisasi. Harita pernah memainkan “Wangsit Siliwangi” (Wahyu Wibisana), “Ngadagoan Si Jabang” (Yus Rusyana), dll. Sejak saat itu pertunjukan dramatisasi tidak pernah terdengar lagi. Baru tahun 1992 silam yang dibawakan oleh Godi Suwarna pada Festival Sastra Sunda tahun itu. Sebagian saya menyebutkan pertunjukan sastra. Ari yang saya maksud itu-itu masih, adalah sebuah karya sastra yang dimainkan. Apa perbedaan antara Drama, Drama, Voice Drama, atau Charismatic Gending? Tentu saja, ini sama dengan istilahnya. Jadi ada uraiannya, kita cari dulu perbandingannya. Dari situ masih dalam literatur R&B ada pementasan yang akrab dengan dramatisasi adalah beluk (pidato yang dilantunkan). Bedanya, menurut saya naskah yang dibacakan oleh narator ilo hanya dinyanyikan oleh orang lain, sedangkan dalam dramatisasi, naskah yang dibacakan oleh dalang (narator) kemudian disertai peta atau rigig para pemainnya. Dalam dramatisasi tersebut ada narator dari awal tarik-menarik hingga akhir cerita. Para pemain di atas panggung fokus pada cerita yang dibacakan oleh narator. Bentuk yang hampir sama dengan dramatisasi adalah kepenuhan drama, hanya saja lebih panjang dan selain unsur sastra dan drama, dalam kepenuhan drama saya lebih memilih unsur kesenian lain yaitu seni bunyi dan seni tari. Berbeda dengan drama suara, ini adalah pertunjukan drama yang perbincangannya dipromosikan, hampir sama dengan karisma gending hanya lebih pendek. Pada tahun 1992 drama “Jante Arkidam” (puisi Ajip Rosidi) dibawakan oleh Godi Suwarna. Sejak saat itu bentuk pementasan dramatisasi semakin dikenal penonton, terlebih setelah Asep Supriatna yang memimpin Teater 7 Damar kerap melakukan pementasan dramatisasi. Karya-karya yang pernah dilakukan antara lain: Angin Jalan jalan, Eyang Putri Ronggéngsari (carpon Aam Amilia), Walang Peteng (carpon Taufik Faturohman), Bagus Rangin (puisi karya Ajip Rosidi), Buah Limus Murag ku Angin (carpon Karna Yudibrata), Gusti ! Gusti (carpon Godi Suwarna), Lemahcai Kulup (carpon Hadi AKS). Ini Full Moon Twilight (carpon Yous Hamdan). Karya yang membuat pertunjukan dramatisasi umumnya adalah karya yang pernah diterbitkan di majalah, surat kabar, atau buku. pasti sudah dibaca oleh orang banyak. Jika karya dirancang sebagai naskah dramatisasi, biasanya ditulis ulang dan dibumbui dengan bentuk lain, misalnya naskah rima yang diwujudkan dalam puisi atau lagu, naskah karangan yang diwujudkan dalam puisi, atau pujian, dll. Dengan demikian, karya yang diangkat dalam bentuk dramatisasi selalu memberikan tafsir yang berbeda, umumnya suasana ceritanya menjadi lebih penuh harapan karena terserap kembali (Ahmad Hadi, 2004: 47-48). 2 Musikalisasi Puisi Istilah “musikalisasi” berasal dari kata musik, yaitu nada atau bunyi yang disusun secara ritmis yang mengandung irama, lagu, dan harmoni yang sebagian besar menggunakan alat musik yang dapat menghasilkan bunyi tersebut. Musikalisasi berarti sesuatu yang membuat mereka bermusik (Moeliono Spk., 1988: 602). Musikalisasi puisi atau pantun pada umumnya adalah kegiatan memainkan puisi atau pantun menjadi sebuah lagu bersama-sama dengan musik. Lebah disini, puisi tersebut diubah menjadi lirik lagu dan diiringi oleh musik. Ada juga yang berpendapat bahwa musikalisasi puisi adalah lakon puisi (pembacaan puisi atau pengajian) yang diiringi dengan latar musik. Dalam konsep saya, puisi tetaplah puisi, bukan lagu. |